Tuesday, June 07, 2005

Ustrali ooo Ustrali

Abong nagri pamiceunan runtah...
Rek beunghar, sakumaha bengharna,
rek pinter, sakumaha pinterna,
rek ngagaya, sakumaha gayana,
angger we bau runtah...

Inget keneh uing mah, si eta teh ngojok-ngojok urang timor supaya ngamerdekakeun maneh, sanggeus merdeka kakayaannana dipaling dipaok. Celah Timor nu Beunghar Minyak Diaku-aku..
Duh karunya teuing, dulur...

Ayeuna si eta, asa pangaingna asa pang akangna, ngororobet kadaulatan urang dina widang hukum. Nagara nu ngaku keur merangan teriorist, ngalakukeun tindakan teror.. beu kumaha ieu teh euy? maenya si Corby nu geus puguh mamawa ganja 4 Kg, nu kudu na mah dihukum paeh, kudu ditukeur ku Pamayang nu teu tuah teu dosa, nu geus ti baheula maranehna ngala lauk kabeulah dinya, dinya nu ku si eta di aku aku. Teu, teu tarima.

Pamayang urang mah kuduna ge di bebaskeun teu kudu make sarat. Ari si Corby mah geus kuduna di pancung, nu ngaku ceunah di tipu ku mafia pengedar Narkoba, padahal maenya mawa ganja 4 kilo nepi ka teu nyaho, pan teu asup logika.

Sok lah dulur di pamarentahan, ulah sing Sieun ku ustrali. Pedah eta kudana jarangkung badag keun we lah pan aya uing nu ngadukung...

0 Comments:

Post a Comment

<< Home