Tuesday, May 10, 2005

Tuluyna Tumbilaloka... Rada Dusun

....
jam lima mangkat ti Bogor, Nepi ka bandara teh jam 6 pan.. Sukur teu elat teuing pan jangji teh jam genep di bandara... tapi naha nya si mas agus can katingali (disebut mas teh da urang jawa saluhureun), enya ngaran batur bareng teh agus, gawena di Media Indonesia urusan Sirkulasi. Beu boa boa... he he he nya ku si uing teh dtelpon, ceukna teh masih dijalan ceunah. Nya plong we rarasaan teh rada ngemplong. ditungguan kira-kira 20 menit euweuh wae geuning, kuring teh nelpon manehna deui.. beu geuningan kuring salah nungguan da manehna teh geus asup di lawang belah ditu, nya ku kuring teh dijugjug..

Teu loba nu kudu dicaritakeun di palebah dieu mah, da geuning naek kapal ngapung teh teu hese teusing, he he he .. (balaga ayeuna mah). Nya caritana mah si uing teh geus diuk di kabin pesawat, kabeneran menang tempat teh deukeut jandela, jadi laluasa ningali kaluar. barang Ber eta manuk beusi ngapung, deg rada hariwang! da ceuk ceunah, naek pesawat mah paling bahayana lamun pas take off atawa landing. Saperti nu disebutkeun dihareup, euweuh nu istimewa geuning naek pesawat teh (jauh tina panyangka awal).. naek pesawat teh jiga naek beus we, ngan rada gede. Eh dina jadwal kuring teh ngapung jam 7 leuwih 20 tapi mun teu salah prakna mah kira kira jam dalapan kurang saparapat (Endonesia pisan)

Tepi ka Balikpapan kira-kira jam 10 kurang waktu endonesa bagian kulon, da perjalanan ka balikpapan ukur dua jam (ngeunah geuningannya cepet, coba ka sumedang aya meureun ukur memenitan teu jiga ayeuna 6 jam he he he he). Tapi mun diitung jeung beda waktu jakarta jeung Balikpapan nu sajam, perjalanan teh bisa diitung 3 jam. Eta diitungna, berangkat make jam Jakarta (7.45), nepi make jam Balikpapan (10.45) pan jadina teh tilu jaman lain?

Di Balikpapan aya sababaraha hal nu jadi katertarikan si uing:

  • Balikpapan panas, pedah deukeut laut meureun. Malah poe kadua si uing dehidrasi, loba teuing kaluar kesang.
  • Balikpapan tertib, nu mawa mobil, motor, atawa kandaraan sejen patuh kana aturan. Kumaha Jakarta, Bandung, Bogor iraha rek nyontoan Balikpapan?
  • Balikpapan teh loba urang Jawana, kamana-mana si mas Agus lolobana ngomong bahasa Jawa! Jawa memang, mun di tingkat dunyamah, Chinana Endonesia, enya pan di unggal nagara pasti aya Pecinan, kitu deui di Indonesia pasti aya kampung Jawa (meureun).
  • Balikpapan susah neangan sawah. Atawa boa-boa euweuh da salila diditu kuring can ningali wujudna sawah.
  • Balikpapan susah neangan nu herang herang, kecuali batu eta ge ceunah ti Martapura he he he

    Di Balikpapan oge kuring papanggih jeung urang Sunda, ngaranna Teh Rika gawe di telkomsel. Beu asa panggih jeun dulur we da...

    Salila di Balipapan kuring sempet ka Bukit Bangkiray, etatah nu aya jembatan tajuk atawa mun ceuk bule mah canopy bridge ceunah. Ieu jembatan teh ayana dina luhur tangkal nu disebut bangkirai, luhurna nepika 30 m. Wanguna jiga sasak gantung. Leuh da pas naek kana eta jembatan teh mani leuwang, paur nepika si uing mah leuleus tuur teu ari nepi ngaroroncod mah komo ngompol mah :)...

    Nyambung deui... cape geuning
  • 0 Comments:

    Post a Comment

    << Home