Monday, May 09, 2005

Tumbilaloka

Seuri meni nyakakak puguh pas mimiti maca yen aya ngaran tempat "Tumbilaloka", nu kabayang teh bauna we...... Pangalaman kuring taun kamari, menang kasur teh geus hepe (baca kapukna saeutik deui!!-red), enya pindah kosan tadi namah hayang kanu leuwih alus, tapi meunang teh kapuk deui kapuk deui :(. Tapi ketang ngenah keneh make kasur kapuk, make busa mah panas, he he he ... maklum we teu sanggup ari kudu meuli kasur nu rada alus mah, mahal!!! sabaraha si panghasilan buruh jiga si uing ieu? Keur dipake dahar ge kudu diatur supaya mahi nepi ka menang gaji deui :( karunya nya...

Kamari, tanggal 2 Mei, poe salasa, kuring dititah jalan-jalan ka kota Tumbila ieu, enya ceuk cenah, tumbila teh sok aya di tempat tempat nu nyelepet, contona dina balik papan...:) Mimitina mah hemar hemir rek ka balikpapan (Tumbilaloka tea :)), tapi ceuk kuring mah leuwih cocok mun disebut cocopetloka :P, sabab saumur nyunyuhun hulu can pernah naek kapal terbang a.k.a. pesawat tea. Sieun teh lain pas ngapung tapi si uing can apal kumaha bag-bagan alias tata tertib alias tata cara urang supaya bisa ngapung ke ke ke ke ke ke kacian deh kau! ke ngerakeun. Untung indit teh teu sorangan tapi dibaturan ku salah sahiji babaturan (sabenerna mah can wawuh jeung jalma ieu teh, tapi kusabab bawaan manehna nu ngenaheun jadi gampang akrab, meureun sabab manehna teh ti bagian marketing).

Janjian di Bandara Cengkareng teh jam 6 isuk-isuk, sabab kuring cicing di Bogor nya rencana teh rek indit jam 5 satengah, ceuk si bayu (babturan kost-red) cenah paling telat kuring kusu geus di pool Damri jam 5-an. Ku sim uing dikurangan satengah sabab eta tea, kuring can apal kumaha carana supaya bisa ngapung. Sapeupeuting kuring teu bisa sare, salian ti ngapung munggaran, oge ieu teh mimitian kuring kaluar ti pulo Jawa. Supaya teu kabeurangan, weker ku si uing distel dua kali, jam tilu jeung jam opat, tapi sial duanana kaliwat... karek hudang jam 4 setengah,,,, ha :O... tapi akhirna kuring bisa mangkat jam lima ti pul...

nyambung ah, cape euy geus peuting....

2 Comments:

Anonymous Anonymous said...

Mana ieu teh sambunganana Kang Dudi! Hoyong terang we, naha leres di ditu seh seueur tumbila? :)

May 10, 2005  
Anonymous Anonymous said...

Tumbilaloka .... ha ha ha ha ....
kutan kantos ka Kota Tumbilaloka Kang Dudi teh ... lain ngabejaan atuh ka Si Emang anu tos nyirekem di Tumbilaloka salami saparapat abad, btw ... wilujeng sumping sareng wilujeng gabung di milis Kota Sumedang anu sepi bin tiiseun
tapi ... sok sanaos tiiseun oge hate teh teu weleh nyaah ka Kota Sumedang teh ... da nya dinya si kuring digedekeun kunyjadi kolot.
Mangga ah Kang Dudi !

Mang Osam
[Tumbilaloka]

August 13, 2005  

Post a Comment

<< Home