Tuesday, April 26, 2005

Nu resep diatur ku batur...

Boa, ukur boa, indonesia dijajah ku walanda 350 tahun teh memang alatan bangsa urang teh resep diatur ku dengen. Geuning ningali kalakuan bangsa urang ayeuna nu bisa teratur lamun aya nu ngatur. Contona wae nu kaalaman ku si uing. Indit gawe teh, Ti bogor ka Kedoya unggal isuk naek beus jurusan Bogor-Kalideres, geus sababaraha poe rada lumayan lancar. Baheula mah ti panto kaluar nu rek ka Kampung Rambutan, Pondok Indah jeung sabudeureuna geus mimiti macet, cair lamun urang geus ngaliwatan panto kaluar Kuningan di Mampang.

Ayeuna sanggeus bapak-bapak pulisi ngatur lalulintas, mun teu salah mah geus aya kana sabulanna, jalanan relatip lancar. Bapa pulisi teh ngajagaan supaya jalan nu keur kaayaan darurat supaya teu digunakeun ku kandaraan. Enyaan kaayaan ieu ngurangan macet. Memang sih can 100% lancar, tapi lumayan lah teu jiga baheula nepikeun ka mandeg teu jalan-jalan.

Sabenerna lamun urang nyaho jeung ngarti kana paraturan tangtu nyaho yen jalan walurat teh khusus keur, diantarana, mobil nu mogok, atawa ambulan. Jadi teu kudu diatur ku pulisi. tapi meureun geus jadi adat urang ngalanggar paraturan sabab euweuh nu ngawaskeun, euweuh nu ngatur.

0 Comments:

Post a Comment

<< Home