Monday, April 25, 2005

Homo....

Teu Nyangka euy...
Keur ningalian foto di FS, aya nu matak pikaseurieun sakaligus ngenes oge sih, kumaha teu kitu geuning urang sumedang teh geus aya nu Homo!!!!!

Ha ha ha ha ha ha ha ha ha ha ha ha.... teu nyangka sacongo buuk, atawa kuring nu kuper kitu. Mimitinamah iseng we mukaan FS, tadina rek neangan babaturan baheula keur sakola.. ari pek ningali akun salah sahiji alumni SMUNSA (beu almamater uing eta teh!)aya nu matak picurigaeun. Kumaha rek teu curiga lalaki (eunya lalaki!) ieu babaturana kabeh (he he he he sok resep ari ngageneralisir teh, padahal aya sababaraha hiji babaturana awewe) lalaki, malah dina pose nu matak picurigaeun. nya ku uing teh dibukaan halaman per halaman, he he he he he akhirna kabuktian yen manehna teh homo sabab aya salah sahiji akun nu aya dina list babaturanna dingaranan "gay indonesia" ha ha ha ha ha ha ....

Ceunah ceuk si Freud, kelamin manusa teh lolobana mah dipangaruhan pas mangsa Phallic. kira-kira umur 4-5 tahun. Dina mangsa ieu utamana manusa nangtukeun naha manehna ngarasa salaku awewe atawa lalaki (ketertarikan sex), tah lamun mangsa eta geus kaliwatan tapi si manusa can nangtukeun manehna teh lalaki atawa awewe kacenderungan manusa eta sanggeus dewasa jadi homo atawa lesbi... Bener meureun nya kitu? mun salah pangkoreksikeun...

jadi inget guyonan di kosan ngenaan katertarikan antara manusa jeung manusa... cenah mah kieu.... nu penting mah (nomor hiji) kasih sayang, kelamin mah nomor dua!! bener kitu????????

Pisss ah teu nyangka sacongo buuk he he he he he e he he!!!!

NB: manehna oge alumni IPB deuih ha ha ha ha ha ha ha ha ha ha ha ha

0 Comments:

Post a Comment

<< Home