Wednesday, February 02, 2005

Ibadah??????

Si "Uing" sok bingung, sok nanya boh ka diri sorangan oge pernah nanya ka batur... Ku naon urang kudu ibadah? Keur naon urang kudu ibadah? Keur saha urang ibadah? ...

Keur sabagian urang mah (malahan ceuk sabagian gede jalma nu ku si "uing" pernah di tanya), ibadah teh cukup kusabab di titah... si "uing" ngarasa kurang sapamadegan jeung pendapat ieu. sabab lamun urang dititah terus urang ngalaksanakaeun eta panitah, gede atawa leutik pasti aya rasa teu ihlas. lain urang kudu rido lamun ibadah? lamun urang ibadah ukur sakadar nedunan parentah nu nitah, tangtuna oge keur sabagian urang kudu aya nu disebut "reward", sabab geus pitrah manusa kudu aya timbal balik, lamun urang geus ngalaksanakeun panitah (kawajiban) tangtu urang bakal nuntut hak.

Keur naon urang ibadah? Keur sarat asup sorga, eta jawaban kalolobaan urang. sabab urang geus dibere samodel dogma, yen lamun urang ngalaksanakeun ibadah urang bakal menang ganjaran jeun lamun urang teu ngajalankeun urang bakal menang dosa, Tah lamun pahala urang leuwih loba tinimang dosa urang, Cenah mah urang bakal asup sorga. Ceuk si "uing' mah alesan urang ibadah alatan hayang asup sorga teh alesan nu sempit pisan. Bener ceuk crisye dina lagu pang anyarna, lamun sorga atawa naraka euweuh naha urang masih bakal ngalaksanakeun ibadah? jawabanna aya dina hate urang masing-masing.

Pertanyaan ka 3, keur saha urang ibadah. Cenah mah keur urang masing-masing. Tapi lamun dikaitkeun kana ayana ganjaran mangrupa surga, maka ceuk logika si "uing" tangtu keur nu mere ganjaran, saheunteuna mere kauntungan ka nu merena.

Intina ceuk si "uing", lamun urang hayang ngalakukeun ibadah nu bener, Si "uing teh kudu ngarasa yen ngalakukeun ibadah teh lain sakadar nuntaskeun kawajiban, tapi kudu diyakinkeun yen ibadah teh mangrupaken kabutuhan si "uing" eta.

Tapi ketang, Si "uing" makin bingung. Bener ceuk batur, lamun urang hayang diajar mah kudu aya guruna. cenah mah, diajar tanpa guru bisa jadi gelo. Bener teu nya?????? nya buktina, si "uing" nulis ngalantur kamana karep... he he he he....

0 Comments:

Post a Comment

<< Home