Monday, January 24, 2005

Keur Sumedang (menang batur)

"Keur Sumedang, urang tandang..."
kadenge deui, kareungeu deui
unggal isuk, unggal ngarenghap
unggal mukaan album
ayeuna anggang, jauh tina panenjo
lalaunan sok kagambar mun keur ngalangeu

Tampomas nu mawa kelar
ngagupayan ngajak balik
balik pikeun ngabaladah pihumaeun
moponteng cikahuripan
Cicaneang teuing lampar
maseuhan Sumedang Larang

Ki Sumedang beuki hariwang
kasimbeuhan dayeuh Bandung
Jatinangor beuki bangor
Cikeruh tos lami kiruh
Cibeusi beuki dakian
atuh Tangjung Sari mimiti leungit asrina

Ti kaler mah lain deui
jati, senggon, beak dengkak
geus puguh johar jeung jengkol
dirajang dijual atah
jadi suluh jalma jelug
ngahaneutan hawu vila

Kumaha ari ti wetan kidul
boa-boa Sabeulit ge geus bulistir
leuweung Sanca boa geus beak
kamana nya pilumpateun
pikeun nyiruruk anak incu
boa Sumedang bener, keur ngarangrangan

---
ti Kang Yaya - asli pituin Sumedang
Ayeuna aya di tungtung Seoul....

0 Comments:

Post a Comment

<< Home